Sayembara Pikeun Puteri Karawang
Dina hiji poe
di Karajaan Karawang, aya permaisuri anu geulis pisan. Nu namina puteri Henna. Raja jeung ratuna teh bade ngaayakeun sayembara
keur milarian pasangan hirup permasisurina.
(Di karajaan)
Raja : “Henna,
neng teh putri Bapa hiji-hijina. Ayeuna teh henna tos 24 taun. Henna tos mejeuhna
milarian pasangan hirup keur neruskeun ieu karajaan.”
Ratu : “Bener saur Bapa, Henna tos waktosna milarian
pasangan hirup.”
Puteri : “Henna
teh sanes teu hoyong milarian pasangan hirup, tapi Henna can aya pamegeta nu
pas di hate Henna.”
Raja : “Nyaatos
mun kitu mah, Bapa bade ngaayakeun sayembara pikeun milarian pasangan hirup kanggo
Henna.”
Puteri : “Nya muhun
atuh, terserah Bapa sareng Ibu wae. Tapi pasihan Henna waktos kanggo
pertimbangkeun ieu.”
(Di kamar puteri, puteri keur
ngahuleng)
Puteri : (Bengong)
Dayang 1 : “Puteri ku naon ngahuleung wae?”
Dayang 2 : “Nuju ngalamunkeun naon?”
Puteri : “Kieu
yeuh jadi pun Bapa teh bade ngayakeun sayembara kanggo milarian calon suami
abdi.”
Dayang 1 : “Tong galau atuh Puteri.”
Dayang 2 : “Pasti raja gaduh maksud anu sae ti sayembara eta
teh.”
Dayang 1 : “Sugan weh Puteri pendak sareng jodohna dina eta sayembara.”
Puteri : (Mikir)
(Raja jeung Ratu keur ngomongkeun
deui persoalan pikeun ngayakeun sayembara)
Ratu : “Kakanda,
kumaha lamun Puteri teu hoyong dijodohkeun sareng pameget anu geus meunangkeun
eta sayembara.”
Raja : “Henna
kudu daek dijodohkeun. Bapa teh percaya bakal aya pamegeut nu pantes jadi pasangan
hirup Henna dina eta sayembara.”
Ratu : “Tapi
kakanda, henna teh anak urang hiji-hijina. Anak kasayangan. Ulah dipaksa.
(Henna ujug-ujug ngadeukeutan)
Puteri : “Bapa,
abdi teu hoyong dijodoh keun kieu. Abdi teh tiasa milarian calon suami nyalira.”
Raja : “Henna, ieu kanggo kabaikan Henna. Henna
kedah nurut kana parentah Bapa.”
Puteri : “Salama
ieu henna tos nurutkeun parentah Bapa. Tapi Bapa teu pernah nurutkeun kahoyong
Henna.” (Kabur)
Raja : “Arek kamana maneh Henna.”
Ratu : “Tong kasar kitu atuh ka Henna teh. Sugan Henna
teh butuh waktu kanggo nyalira.”
(Di hutan)
Pangeran Muriz : “Wah
aya saelmbaran naon ieu. Di ayakeun sayembara? Pameunangna bisa nikah jeung
Pueri Karajaan Karawang, abdi kedah miluan ieu sayembara.” (Indit)
(Puteri indit ka hutan di deukeut
karajaan, anjeunna sieun ningali aya domba)
Puteri : “Adeuh, sagala aya domba di dieu. Abdi sieun domba
deui.”
(Ihsan ujug dateng ngusir eta
domba)
Ihsan : “Hus, hus, tong ngagangguan jalmi di dieu.”
Puteri : (Eleuh-eleuh pamegeut ieu meuni bageur pisan)
Ihsan : “Anjeun teu ku nanaon?”
Puteri : “Abdi henteu ku nanaon. Nuhun pisan nya.”
Ihsan : “Muhun sami-sami. Ti panampilanna, anjeun teu sanes wargi di
dieunya?”
Puteri : “Muhunatuh.”
Ihsan : (Mikir) “Anjeun teh puteri ti Karajaan
Karawang sanes?”
Puteri : “Muhun,
tapi ulah bebeja.”
Ihsan : “Naha atuh anjeun aya di dieu?”
Puteri : “Jadi
abdi teh bade dijodohkeun. Bapa abdi bade ngaayakeun sayembara, tapi abdi teh alim
dijodoohkeun.”
Ihsan : “Kunaon? pasti nu ngiluan eta sayembara anak-anak
raja anu beunghar.”
Puteri : “Tapi
tetep weh, abdi teu hoyong. Mmm kumaha lamun anjeun ngiluan eta sayembara, jadi
abdi bisa teu dijodohkeun.”
Ihsan : “Tapi
lamun kitu abdi kudu meunangkeun eta sayembara? Abdi teh lain sasaha. Abdi ngan
tukang nyangon domba.”
Puteri : “Teu kunanaon,
tadi anjeun geus nulungan abdi, Abdi percaya anjeun bisa meunangkeun sayembara
eta.”
Ihsan : “Lamun eta nu puteri hoyongkeun abdi bakal ngalaksanakeun.”
(Para pameget nu bade ngiluan sayembara
atos dateng ka karajaan, araranjeunna nyaksikeun tarian ti Puteri Karajaan,
nyaeta Henna)
(Sakabeh tepok lengeun)
Raja : “Pamegeut-pamegeut,
kasatria ti panjuru karajaan. Ayeuna abdi salaku Raja di Karajaan Karawang,
dinten ieu bakal ngaya keun sayembara.”
Raja : “Sayembarana
nyaeta, araranjeun kudu bisa ngajieun tembok keur ngabentengan ieu karajaan.
Pameunangna nyaeta nu bisa ngajieun tembok nepi nutupan ieu karajaan.”
Ihsan : “Aduh kumaha
carana nya?”
Raja : “Dina waktos sapoe. Tembok eta kedah atos rengse
di gawean!”
Pangeran Muriz : “Dina waktos sapoe?”
Raja : “Sayembara di kawitan ayeuna!”
(Sakabeh pamegeut buru-buru ngajieun
tembok)
(Pangeran Muriz indit ka Mbah
Dukun kanggo milarian kakuatan pikeun ngajieun tembok)
Pangeran Muriz : “Permios Mbah.”
Mbah : “Mangga kalebet.
Abdi terang tujuan anjeun ka dieu.”
Pangeran Muriz : “Muhun
Mbah, mbah sakti pisan. Kumaha carana ngajieun tembok anu sakitu luhurna dina waktos
sapoe.”
Mbah : “Eta
mah perkara nu gampang. Ieu aya ramuan husus nu kedah anjeun leueut. Anjeun bakal
bogaka kuatan nu teu aya tandingna.”
Pangeran Muriz : “Maksud na kumaha Mbah?”
Mbah : “Batu saageng
kumaha ge bisa anjeun angkat, tanaga anjeun teu bakal seep nepi ka isuk. Anjeun
oge bakal meunangkeun bantuan ti jin-jin abdi.”
Pangeran Muriz : “Hatur nuhun Mbah.” (Masihan amplop)
Mbah : “Sami-sami.”
(Di Karajaan)
Ihsan : “Aduh
hese pisan geuning nya ngajieun tembok. Tapi teu aya waktu keur istirahat, abdi
kudu meunangkeun ieu sayembara.”
Puteri : “Ieu nginum heula, pasti anjeun cape pisan
ngagawean ieu tembok.”
Ihsan : “Hatur nuhunnya tuan Puteri. Abdi bakal usaha
sakuat pisan keur tuan Puteri.”
Puteri : “Lamun
ditingali ti dekeut anjeun kasep oge nya, eh nyaenggeus abdi bade kalebet heulanya.”
Ihsan : “Muhun tuan Puteri.”
(Muriz ujug-ujug dateng)
Pangeran Muriz : “Ah
meuni gampang pisan ieu ngajieun tembok. Geus pasti abdi bakal meunangkeun ieu sayembara.”
(Kaduanana terus ngajieun eta
tembok nepi ka peuting)
(Teu disangka waktos atos enjing)
Hayam : “Kukuruyuk.”
Raja : “Waktosna geus rengse!”
(Tembok nu pangluhurna dijieun ku
Pangeran Muriz, nu kadua pangluhurna nyaeta ku Ihsan)
Ihsan : “Abdi bakal ngacewakeun puteri lamun kieu,
lamun abdi eleh.”
Pangeran Muriz : “Hahaha, geus pasti saha nu
meunang.”
Raja : “Abdi
geus ningali saha nu ngajieun tembok pang luhurna. Nayeta Pangeran Muriz.”
Pangeran Muriz : “Hahaha, ayeuna abdi bisa nikah
jeung Puteri Raja Karawang.”
Puteri : “Teu Bapa, abdi teu satuju, abdi geus bogoh ka salah
sahiji ksatria di dieu.”
Ratu : “Tapi
tingali Henaa, Pangeran Muriz nu pang kuatna, nu bisa ngajieun tembok pangluhurna.”
Puteri : “Tapi
Bu, ieu kasatria geus pernah nulungan abdi, abdi ningali anjeunna usaha sakuat pisan
ngajieun eta tembok, jeung tulus ka abdi.”
Raja : “Saha eta pamegeutna?”
Puteri : “IHSAN.”
Raja : “Kapayun nu namina Ihsan!”
(Ihsan ka payun)
Ratu : “Jadi anjeun nu namina Ihsan?”
Ihsan : “Muhun Gusti Ratu.”
Raja : “Abdi putuskeun nu jadi calon suami permasuri
karajaan karawang nyaeta Ihsan!”
Pangeran Muriz : “Ku naon bisa kieu? Abdi teu
tarima!” (Ngaluarkeun pedang)
Pangeran Muriz : “Dieu maneh ihsan!”
Ihsan : (Ngaluarkeun pedang, ngalawan Muriz)
(Muriz eleh ngalawan Ihsan)
Pangeran Muriz : “Abdi nyerah, ampun.”
Ihsan : “Abdi teu
bakal ngahunuskeun ieu pedang ka anjeun.”
(Muriz indit kaluar karajaan)
Raja : “Bapa geus
terang, Ihsan nu bakal jadi calon suami keur Henna.”
Puteri : “Ku naon Bapa
bisa terang?”
Raja : “Sabenerna,
Ihsan teh anak raja, ti Karajaan Kedung Waringin.”
Puteri : “Ihsan, ku naon anjeun teu masihan terang?”
Pangeran Ihsan : “Sabab abdi hoyong
barusaha oge, lamun abdi bebeja, pasti puteri teu bakal ngijinan abdi ngiluan sayembara.”
Raja : “Bapa
oge atos terang muriz teh licik, pangawal karajaan nuturkeun muriz, manehna teh
indit ka dukun.”
Puteri : “Henna hampura pisan ka Bapa, geus salah sangka.
Ayeuna henna geus manggih pameget nu bisa jadi calon suami Henna.”